Bahasa Sunda : Mengenal Budaya Sunda, Menumbuhkan Kemampuan Seni dan Sastra Siswa - SD Edu Global Bandung - Integrated Cambridge School

Welcome to

Edu Global School

Smart | Righteous | Talented

Bahasa Sunda : Mengenal Budaya Sunda, Menumbuhkan Kemampuan Seni dan Sastra Siswa

    

Basa Sunda mangrupakeun salah sahiji basa daérah anu kudu diraksa jeung diriksa,utamina di wewengkon Jawa Barat. Salah sahiji cara pikeun ngajaga budaya Sunda nyaéta ku diajar jeung ngalarapkeun Basa Sunda di sakola. SD Edu Global Bandung, sakola anu ngagunakeun pendekatan pendidikan modern, ogé masihan perhatosan kana pangajaran Basa Sunda pikeun ngajarkeun ka murid-muridna pentingna basa indung.


Tujuan Pangajaran Basa Sunda

Program pangajaran Basa Sunda di SD Edu Global Bandung dirancang pikeun:

  1. Ngawanohkeun Basa Sunda ka murid-murid – sangkan aranjeunna tiasa nyarita, maca, sareng nulis dina Basa Sunda kalayan lancar.

  2. Mikawanoh Kabudayaan Sunda – murid henteu ngan ukur diajar basa, tapi ogé diajar kasenian, tradisi, sareng adat-istiadat Sunda.

  3. Ngamekarkeun Karakter Sunda – diajar sopan santun Sunda sapertos tatakrama basa lemes jeung undak-usuk basa dina komunikasi sapopoé.

Métode Pangajaran

Di SD Edu Global Bandung, pangajaran Basa Sunda henteu ngan ukur diajarkeun sacara teoritis, tapi ogé dipraktekkeun ku cara anu interaktif. Sababaraha metode anu digunakeun di antawisna:

Dongéng Sunda 

Guru nyarioskeun dongéng-dongéng Sunda pikeun ningkatkeun pangaweruh murid kana basa jeung moral,contona donge’ng sasakala Situ Bagendit.

Kaulinan Tradisional 

Sapertos kaulinan oray-orayan sareng e’ngrang, anu ngajarkeun basa Sunda dina kaayaan anu ngahibur sareng ngagumbirakeun.


Kagiatan Seni 

Murid-murid diajarkeun kawih Sunda, pupuh, jeung tembang Sunda pikeun leuwih ngarasakeun keindahan budaya Sunda.

  • Praktek Nyarios 

Murid dipariksa sangkan bisa nyaritakeun pangalamanana sorangan maké Basa Sunda.

Mangpaat Program

Ngalangkungan program ieu, murid di SD Edu Global Bandung tiasa langkung mikawanoh Basa Sunda kalayan gampang. Aranjeunna henteu ngan ukur diajar tina buku pangajaran, tapi ogé tina kahirupan sadidinten, anu ngajantenkeun Basa Sunda tiasa janten bagean tina budaya sakola.

Kalayan ayana program ieu, SD Edu Global Bandung miharep sangkan generasi ngora tetep mikacinta jeung ngajaga,ngaraksa sareng ngariksa banda warisan budaya Sunda, hususna dina ngajaga kelestarian Basa Sunda di tatar Pasundan.


Hatur nuhun

Penulis : Miss Rahma (Guru Bahasa Sunda)
Please write your comments

Join EGS to become a great future leader. Now!